Lalakon Mudik

Poe ka dalapan likur, kuring balik ka lembur, indit ti Bandung pasosore ba'da asar sabab ngahaja muru peuting. Seunggah nyanghareupan macet. Malum atuh geus ilahar sarta teu aneh deui unggal taun oge, saminggu samemeh poe lebaran, di terminal sok heurin ku jelema, pon kitu deui kandaraan marema, matak ngaheurinan jalan. harita oge pernah kaalaman ku kuring, palebah Rancaekek kajebak ku macet ampir opat jamna, biasana Bandung - Garut ukur tilu jam, harita mah nepi ka genep jam, jabaning panas hawa kandaraan tea lain lawaneun.

Ti imah kuring kana taksi, nepi ka terminal jam satengah lima sore, jut kuring turun tina taksi, teu langsung milih beus, barieukeun, olohok mata simeuteun, nitenan jalma-jalma anu lilir liwat, matak hese usik. Teu dek kitu kumaha atuh, dicita-cita ti imah rada lowong ngemplong ari pek kanyataanna kalah beuki budal, siga siraru kaluar tina liangna.

Sajam panceg kuring ngajengjen kesel di terminal, can meunang kandaraan. Iwal rasa hariwang jeung, hariwang anu aya dina hate galecok sorangan.

"Kumaha lamun magrib can indit keneh, jabaning sorangan. Anu di lembur arep-arepeun."
"Garut..., Bayongbong... Garut! Bu Garut...!" Kondektur gugupay ka kuring.
"Moal Kang," tembal kuring bari gigideug, sabab hate teu merean ari kudu naek kana mobil anu sakitu pajejelna mah.

Ngabandungan kitu kuring teu beakeun akal, Henpon dicokot tina kantong tuluy we nelepon lanceuk anu aya di lembur, niat kuring menta dijemput make motor, meh bisa salempat salempit beda jeung mobil. Kabeneran pisan lanceuk nyanggupan, sarta kuring ngadagoan di hiji rumah makan Padang, anu deukeut ti terminal, sakalian buka puasa.

Ahirna kahariwang ngadadak sirna, sabab lanceuk geus anjog, sanggeusna tarapti ngan biur we motor anu ditumpakan ku kuring nyemprung, teu sakara-kara geuning, jam tujuh ti terminal, jam sapuluh geus nepi ka imah.

Sanepina ka imah, pada ngabageakeun utamana alo kuring, anu kakara umur dua taun, manehna galecok matak lucu ningalina.

"Bibi, nyandak dus teu?" pokna.
"Dus kanggo naon Yana?"
"Acuk, Yana!"
"Naha, kedah didusan kitu?"
"Sumuhun, apanan Bapanan Ita oge, upami uih ti Bandung sok nyandak dus, lebetna acuk."

Ngadenge kitu kuring hayang seuri, na, mani lucu-lucu teuing ari budak, abong enya kangaranan budak, polos tanpa dosa. Ngabandungan kitu, di imah mani haneuteun, sabab nanggap budak.

Pok, pun biang nyarios, "Pedah eta, lamun Jang Didin balik usaha, sok mawa seuseuheun diwadahan kana dus"
"Yana! Bibi teu nyandak naon-naon ku margi, Bibina alim ridu sareng teu aya waktos kanggo balanjana, Bibi sibuk teras."

Kuring ngupahan Yana, anu keukeuh nanyakeun dus.

"Ari, acuk kanggo Yana, mana bibi?" ceuk budak bari semu ngarenghik.
"Enjing, Yana bade ka toko Asia, hoyong naek Mobil Lazer."
"Mangga, mangga tapi Yana, tong baong."

Geus diomongan kitu teu sakara-kara, janari ka salapan likur, kuring sahur ngariung jeung kulawarga, teu kaliwat Yana oge milu nyaring, sanajan ngaganggu, tapi karasa nimat jeung asa kahibur.

Jam genep isuk-isuk, Yana geus ngaguyah-guyah.

"Bibi gugah, hayu urang meser acuk tea."

Kuring teu nembal sabab tunduh, malum biasana hudang jam tujuh, ari seug ayeuna kakara jam genep geus diguyah-guyah. Ningali kuring teu malire, budak nyampeurkeun indungna.

"Mamah, gugahkeun Bibi,"

Indungna anu keur ngadonan kue, nembalan "Mangga, keun ku Mamah urang gugahkeun, tapi hayu Yana, ibak heula."

Diomongna kitu budak nurut, kuring oge langsung hudang, bari tuluy ka cai.

Panceg jam dalapan, kuring jeung Yana geus saged, dek ulin ka kota ngupahan budak, anu hayang baju lebaran, indit teu ngan saukur paduduaan, tapi kuring sakalian ngajak adi anu bungsu.
Sanepina ka tujuan, matak sarengah heurin usik teu di jalan teu di toko pararinuh, kuring bingung, sabab mawa budak, kumaha engke mawa balanjaan.

Pok Yana nyarita, "Bibi palay es krim."
"Mangga," ceuk kuring bari nyolongkrong, nyokot es krim.

Sabot, di toko, kuiring jongjon barang beuli, ari adi maturan Yana anu keur maen gim.

Beres babayar, kuring nyampeurkeun adi jeung alo.

"Seep sabarahaeun"
"Lima puluh lima ratus, Teh!" tembal adi.
"Astagfirulloh, atos ah, mendingan dipeserkeun ka nu mangpaat." Weleh, Yana merod.
"Sawios, ari alim acuk mah," ceuk kuring ngolo Yana.
"Mangga atuh," bari kerung turun tina mobil lazer.

Balanjaan, teu waka dibawa, dipihapekeun heula di tempat panitipan barang, sup kuring asup ka toko pakean anak-anak.

"Yana, hoyong anu mana acukna?"
"Palay anu sapertos Ita."
"Apan, Ita mah istri, maenya Yana bade nganggo acuk Istri"
"Nu ieu we, sae, aya gambar Snupi."

Palebah masalah baju teu rewel, Yana unggeuk.

Tengah poe kuring kakara balik, babawaan manu rebo ngan untungna Adi anu mawana, da kuring mah ngais Yana, anu sare.

Enya mun dipikir-pikir mah, alah batan ka anak sorangan. Can tangtu ka anak sorangan mah bisa kieu, sabab boro-boro ka boga anak, kabogoh ge can boga, tapi teu kitu ari hate ihlas mah, asa bagja we, teu boga rasa rugi, pon kitu deui ka adi sorangan.

Nepi ka Imah, Yana hudang, ukur nyelang nyusu, manehna hideng sorangan ngaluar-luarkeun balanjaan, sarta biwir teu jempe hayoh galecok.

Ari kuring teu malire, langsung ka cai solat lohor, langsung sare.

Adan asar kuring hudang, mandi solat, dangdan, tuluy menta dianteur ka adi erek ulin ka babaturan eukeur sakola di SMA.

Geus nepi ka imah babaturan, adi dititah balik deui, sabab karunya, ari kudu nungguan mah.

"Assalamualaikum,"
"Waalaikumsalam," kadenge ti jero imah, kulutrak sora panto dibuka. "Bade ka saha?"

Dedegan jangkung leutik, nanya ka kuring. Kuring seuri, "bade ka Tika." Padahal dina hate apan yen eta Tika, tapi manehna teu apaleun.

"Abdi, ti mana nya?"
"Piraku maneh, teu apal ka urang" sombonglah.
"Tuti...!"
"Heueuh urang, naha meni poho?"
"Bener urang pangling, maneh jadi geulis,"
"Ah, siah, biasa we,"
"Heueuh, keun sukur ari kitu mah urang milu bagja"

Teu karasa ngaler ngidul, sajam deui adan magrib.

"Ka, buka di luar yu," kuring ngajak ka Tika.
"Hayu wae, urang mah, asal ditraktir,"
"Gampang, buru atuh geura dangdan."

Satengah genep, kuring jeung Tika indit ka ceplak, pasar dahareun, anu kamasur di Garut, tempat panineungan basa kuring masih keneh sakola.

Keur anteng, ngobrol bari ngadagoan adan, ti tukang aya anu nepak, "Hai"

Kuring reuwas.

"Kumaha damang?"
"Pangestu"
"Kumaha, Tuti di mana ayeuna?"
"Di Bandung,"
"Pirang, di mana?"
"Aya we di dieu, nganggur."
"Pirang dek buka di dieu"
"Enya puguhan"
"Kabeneran, hayu atuh bareng."
"Kumaha, nya..."
"Naha kadon nanya, hayu itung-itung reuni."
"Enya ari kitu mah"
"Tapiii...!"
"Tapi ku naon?"
"Pirang teu sorangan."
"Jeung saha?"
"Ieu."

Pirang nungtun saurang jajaka.

"Oh.., naha teu dikenalkeun, atuh?"

Teu sawatara lila, kuring jeung eta jajaka geus silih wanohkeun, ngan brak we dahar balakecrakan, bangun anu akrab, sanajan keur eta lalaki mah anu ngamimitian.

"Rang, geus jam tujuh, kuring balik ti heula,"
"Tapi sono keneh."
"Sarua, kumaha atuh sieun kapeutingan,"
"Iraha panggih deui?" tembal pirang.
"Insya Alloh, ba'da lebaran urang ulin."
"Siap lah, pokona mah omat mere beja."

Geus pamitan ka kabehan, kuring indit, dituturkeun ku gugupay babaturan, sabab Tika balikna bareng jeung Pirang, lantaran imahna padeudeukeut, teu jauh ti eta tempat.

Ti pasar Ceplak, ka pangkalan angkot rada anggang, kuring kana beca, turun tina beca, sagigireun kadenge aya anu nanya.

"Ti, uihna ka mana?"
"Arif, naha aya di dieu, Pirang mana?"
"Tos di bumina."
"Arif, bade ka mana?"
"Bade, wangsul."
"Tuti uihna ka mana?"
"Ka bumi"
"Sumuhun ka bumi, tapi ka palih mana?"
"Ka Cianyar, satengah jam upami ti dieu mah,"
"Dupi, Arif ka mana mulihna?"
"Ka Ciwalen"
"Naha ka Ciwalen, aya di dieu?"
"Bade ngajajapkeun, Tuti."
"Dipiwarang ku Pirang?"
"Henteu."
"Teu kedah, bade naek angkot."

Bari teu nolih ka Arif, langsung kana angkot, kuring reuwas, naha naon maksudna, nepika edek nganteurkeun, padahal kakara apal sajan ka tukang, eujeung deuih pan Arif kabogoh Pirang.

Teu karasa, dibarengan ku ngalamun, geus nepi ka Cibulakan pangkalan ojeg, jut kuring turun, kira-kira tilu lengkah, kadenge aya anu nyebut ngaran kuring.

Kuring ngalieuk, kacida reuwas, anu ngageroan kuring Arif, manehna nuturkeun kuring.

"Arif bade ka mana, naha di dieu?"
"Palay terang bumi Tuti."
"Naon maksadna?"
"Nya palay terang."
"Upami tos terang bade naon?"
"Bade ameng."
"Naha moal aya nu nyeuseul kitu?"
"Saha kitu, anu wantun nyeuseulan ka Arif?"
"Nya, titik-titikna."
"Yu, dijajapkeun ka bumi."
"Hatur nuhun, tapi itu pun adi ngajemput."
"Oh, kitu nya sawios ari kitu mah, punteun nya,"
"Teu sawios-wios, barina oge teu lepat?"

Kuring malikkeun awak, kakara oge malik, Arif geus ngagero.

"Ti, di Bandungna di mana?"

Kuring teu ngajawab, ngan kusiwel ngaluarkeun kartu nama, song diasongkeun. Arif nampanan, "Hatur nuhun" tembalna, kuring unggeuk.

Poean lebaran kira-kira jam satengah dalapan, hape disada, kaluar nomor anu teu wanoh, bareng dihalowkeun kadenge sora lalaki uluk salam.

"Wilujeng Boboran, Minal Aidzin Walfaidzin"
"Dupi ieu saha?"
"Tos hilap nya, Arif."
"Eh, Arif, kumaha Rif, damang?"

Kuring ngamimitian gunem catur jeung Arif, sajam lilana Arif nelepon ka kuring, nya ahir-ahirna, nepi ka wanoh, tina wanoh akrab tina akrab mimiti wani, Arif datang ka imah, sarta ngajak ulin, saminggu di lembur teu karasa poe Minggu isuk, kuring kudu balik deui ka Bandung, sabab kawajiban geus ngadagoan nyaeta gawe, tapi angger sanajan jarak anu sakitu jauhna, kangaranan pangaresep sarta geus kagok geugeut, hese pikeun dihalangan kitu pok-pokan Arif.

Ku Siti LS Majalah Mangle

0 komentar:

Posting Komentar



Arsip Blog

Diberdayakan oleh Blogger.